BAB II
BABASAN,
PARIBASA SUNDA, JEUNG LINGUISTIK ANTROPOLOGIS
2.1
Babasan
jeung Paribasa Sunda
Babasan jeung paribasa
Sunda téh kaasup basa pakeman. Ari nu dimaksud basa pakeman téh nya éta ucapan
anu geus matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeumanana, lain
harti sajalantrahna. Ku lantaran basa pakeman téa, babasan jeung paribasa Sunda
teu bisa dirubah-rubah deui kecapna.
Babasan jeung paribasa
Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran basa Sunda sarta
miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti,
komo mun tepi ka bilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna éta rupa-rupa babasan
jeung paribasa téh ngan waé gedé kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti,
mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan, aya ogé nu rada béh dieu. Anu
dipaké ukuran heubeul jeung anyar téh di antarana ungkara kecap atawa frasa,
adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
Conto babasan
anu disangka heubeul upamana janget
kinatelon hartina turunan hadé boh ti indung boh ti bapa (ilaharna
dilarapkeun ka sasatoan, mun ayeuna mah istilahna bibit unggul). Boh kecap
janget atawa kinatelon, kiwari geus tara dipaké. Bisa jadi éta téh kecap Sunda
buhun anu kiwari geus henteu dipikawanoh ku panyatur basa Sunda. Béda jeung
paribasa dagang peda ka Cirebon anu
ungkarana babari pisan kaharti, tur kecap-kecapna masih kénéh produktif
digunakeun dina paguneman sapopoé. Ku urang bisa karampa, gelarna éta paribasa
téh sanggeus urang Sunda wawuh kana peda jeung Cirebon, basana rada béh dieu.
Lian ti éta, aya deui paribasa anu proses gelarna bisa direkonstruksi, dipatalikeun
jeung hiji pajamanan Culturalstelsel (Tanam Paksa).
Urang Sunda
ngagem Islam, teu saeutik idiom tina Islam anu ngajanggélék jadi babasan atawa
paribasa, contona kokoro manggih mulud
jeung puasa manggih lebaran.
Dina prak-prakan
urang ngedalkeun omongan, babasan atawa paribasa téh sok dalit gumulung, jadi
bagian tina ungkara kalimah. Tujuan ngagunakeun babasan jeung paribasa nya éta
pikeun ngagambarkeun hiji kaayaan, pamadegan, angen-angen atawa kahayang kalawan
merenah, singget, lantip, jeung éndah sakumaha anu dipimaksud ku si panyatur.
Contona waé dina
paguneman di handap ieu:
“Béjana anu sok
pirajeunan ngala bungbuahan di kebon téh anak tatangga urang anu imahna
ditungtung kalér téa. Abong heueuh, tuda bapana ogé baheula sok resep
ceceremed,” ceuk Bi Jumsih.
“Ah, tuda uyah
tara téés ka luhur atuh. Ibi,” Nyi Holisoh mairan.
Dina paguneman
di luhur, digunakeun paribasa uyah tara
téés ka luhur pikeun nyumputkeun maksud panyatur.
2.1.1
Babasan
Nurutkeun
Satjadibrata dina Hidayat nétélakeun yén babasan nya éta sawatara susunan kecap
anu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku
saréréa. Aya deui wangenan babasan téh nya éta ucapan maneuh anu dipaké dina
harti injeuman (LBSS, 1995:43). Babasan hartina sarua jeung wiwilangan atawa
bibilangan, nya éta ucapan-ucapan nu hartina teu sajalantrahna, susunan basana
ringkes, saeutik patri jeung ulah dihartikeun sacéréwéléna.
Nurutkeun
Sudaryat (1997:118-119) babasan umumna mangrupa kecap kantétan atawa frasa.
Najan kitu, aya ogé babasan anu wangunna kecap rundayan tapi tetep mibanda
harti injeuman. Babasan jeung paribasa dibagi kana tilu wengkuan, di antarana
baris dibéjérbéaskeun di handap ieu.
1)
Wangun
Rundayan
Babasan
wangun rundayan nya éta babasan anu diwangun ngaliwatan prosés ngararangkénan,
boh binarung ngarajék jeung ngararangkénan boh henteu. Tapi tetep ngandung
harti injeuman.
a. Ayang-ayangan
Babasan
ayang-ayangan mangrupa babasan wangun
rundayan. Diwangun ngaliwatan prosés ngarajék kecap ayang maké kecap rajékan
dwimurni. Tuluy dirarangkénan tukang –an
jadi ayang-ayangan. Babasan ayang-ayangan
hartina tumerap kana perkara anu réa rambat kamaléna, réa ambat-amabatanana.
b. Bobor
Karahayuan
Babasan
bobor karahayuan mangrupa babasan
wangun rundayan diwangun ngaliwatan prosés ngararangkénan kecap rahayu ku
rarangkén tukang jeung hareup ka-an.
Jadi karahayuan. Bobor karahayuan
hartina katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah.
c. Diadukumbangkeun
Babasan
diadukumbangkeun mangrupa wangun
rundayan. Ngaliwatan prosés ngararangkénan binarung ngantétkeun. Upama dirucat
kecap asal tina diadukumbangkeun nya éta adu kumbang dirarangkénan tukang –keun jadi adu kumbangkeun. Tuluy
dirarangkénan hareup di-, lamun
dirarangkénan di- éta dua kecap téh
dikantétkeun jadi diadukumbangkeun. Diadukumbangkeun
hartina dua jelema atawa sato, dicekel pundukna tuluy diadukeun lebah tanaga
sataker tanaga.
2) Wangun
Kecap Kantétan
Babasan
wangun kantétan nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta
miboga harti injeuman, anu béda jeung harti unsur-unsur pangwangunna.
a. Atah
Anjang
Babasan
atah anjang mangrupa kecap kantétan
nya éta ngantétkeun dua kecap atah jeung anjang. Atah biasana dibasakeun kana
kadaharan anu can waktuna beunang didahar sabab lamun dipaksa didahar moal
nyari tampolana aya matakna kana kasehatan. Anjang hartina datang ka imah batur
rék manggihan pribumi. Sedengkeun lamun dihijikeun antara atah jeung anjang
hartina jadi béda hartina jarang nganjang.
b. Bulu
Taneuh
Babasan
bulu taneuh mangrupa babasan wangun
kecap kantétan. Bulu taneuh diwangun
ku dua kecap nya éta bulu jeung taneuh jeung miboga harti séwang-séwangan. Bulu
hartina nu jaradi dina kulit sabagian sasatoan sedengkeun taneuh nya éta daging
buleudan bumi nu geus tiis sarta bisa dipelakan. Sedengkeun bulu taneuh hartina
tukang tani, patani.
c. Amis
Budi
Babasan
amis budi mangrupa babasan wangun
kantétan. Ngaliwatan prosés ngantétkeun dua kecap amis jeung budi. Kecap amis
hartina rasa gula. Budi asalna tina basa sansakerta hartina akal, timbangan,
pikiran, haté, adat jeung parangi nu hadé. Amis
budi hartina alus budi parangi.
3) Wangun
Frasa
Babasan
wangun frasa nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih tapi
hubungan unsur-unsurna henteu dalit tur ngandung harti injeuman. Ieu babasan
téh umumna mangrupa frasa éndoséntrik nya éta frasa anu salasahiji unsurna bisa
ngawakilan éta frasa dina distribusi kalimah. Conto: asa kiamat. Wangun babasan asa
kiamat kaasup babasan wangun frasa. Kaasup frasa éndoséntris sabab aya
salasahiji unsurna bisa ngawakilan dina ditribusi kalimah. Asa kiamat hartina pohara sedihna jeung susah luar biasa.
2.1.2
Paribasa
Kecap
paribasa lamun dihartikeun sacéréwéléna mah nya éta panyarék. Ari dina basa
Sunda kiwari paribasa téh sarua hartina jeung ibarat, upama, biasana, baku,
dadaku.
Dina
élmu basa, paribasa nya éta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup,
ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép seureuhna, geus
puguh surupanana, sarta geus tangtu pokpokanana (Tamsyah, 2003:9).
Ceuk
istilah séjénna paribasa téh ungkara winangun klausa (kalimah) anu geus matok,
tur maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka
lakuning hirup manusa.
Paribasa
jeung babasan téh pada-pada pakeman basa umumna prah dipaké ku saréréa pikeun
nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kallimah anu geus
matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Susunanna ditetepkeun ku karuhun
Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun sabab
lamun dirobah tangtu eusina ogé bakal robah.
Babasan
jeung paribasa téh saenyana mah sarua baé, hésé dibédakeunana. Ngan bédana
babasan mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mangrupa
kalimah. Ceuk Sudaryat (1985:118) babasan umumna ngandung harti injeuman
sedengkeun paribasa ngandung harti babandingan.
Papasingan
Paribasa numutkeun Sudaryat (1997:99) ayana harti dina paribasa, boh langsung
boh injeuman geus nuduhkeun yén paribasa téh mangrupa garapan tata harti (semantik),
sarta bisa diwincik dumasar kana:
1) jumlah
jeung warna unsurna;
2) maksud
anu dikandungna;
3) cara
gelarna; jeung
4) sumber
babandingana.
Sangkan leuwih
jéntré, di handap ieu baris dipedar hiji-hijina.
1) Paribasa
Disawang tina Jumlah jeung Wangun Unsurna
Paribasa
umumna mangrupa kalimah anu diwangun ku jejer jeung caritaan boh dibarengan
obyék atawa katerangan boh henteu. Nilik kana kalimah anu jadi unsur
pangwangunna, paribasa aya nu mangrupa kalimah salancar jeung aya nu mangrupa
kalimah jembar.
a. Paribasa
Salancar
Paribasa
salancar nya éta paribasa nu diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan boh
dibarengan ku obyek atawa katerangan boh henteu. Paribasa salancar diwangun ku
hiji klausa. Contona:
(1) Anjing
ngagogogan kalong hartina mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
(2) Beja
mah béjé hartina kudu waspada dina narima béja sabab can puguh bener henteuna.
b. Paribasa
Jembar
Paribasa jembar
nya éta paribasa anu diwangun ku dua kalimah salancar atawa leuwih. Conto:
(1) Ati
mungkir beungeut nyanghareup hartina ngalampahkeun pagawéan (naon-naon) nu teu
surup jeung haté ahirna ngagugu ku kapaksa.
(2) Bedog
mintul mun diasah laun-laun jadi seukeut
hartina najan mimitina mah teu ngarti atawa teu nyaho, lamun leukeun diajar
urang téh tangtu jadi ngarti.
2) Paribasa Disawang tina Maksud anu
Dikandungna
Paribasa
disawang tina maksud anu dikandungna ngawengku paribasa piluangeun, paréntah,
jeung pituah.
a. Paribasa
Piluangeun
Paribasa
piluangeun eusina ngébréhkeun pangalaman (luang) nu geus lumrah di masarakat
urang, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang. Conto:
(1) Asa
ditonjok congcot hartina narima hiji barang anu geus lila dipikahayang, datang
bari teu disangka-sangka.
(2) Dipiamis
buah gintung hartina jalma anu dipisobat ari hég nyilakakeun.
(3) Indung
tunggul rahayu bapa tangkal darajat hartina indung bapa téh sumberna kawaluyaan
jadi anak.
b. Paribasa
Paréntah
Paribasa
paréntah nya éta paribasa anu eusina ngébréheun pangjurung laku anu alus, anu
bakal mawa kasalametan hirup. Conto:
(1) Kudu
ngukur ka kujur, nimbang ka awak hartina kudu bisa nyaluyukeun diri jeung
kayaan ulah nahap-nahapkeun manéh.
(2) Kudu
bodo aléwoh hartina lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti kudu daék tatanya.
c. Paribasa
Pituah
Paribasa pituah
nya éta paribasa anu eusina ngahalangan kana lampah salah, sangkan urang ulah
nepi ka ngajalankeun kalakuan anu matak ngarugikeun. Conto:
(1) Ulah
bengkung bekas nyalahan hartina ulah nepi ka kajadian ari keur budak kalakuan
hadé ari geus kolot jadi goréng.
(2) Ulah
biwir nyiru rombéngeun hartina ulah resep nyaritakeun kagoréngan atawa rusiah
jalma nu lian.
3) Paribasa Disawang tina Cara Gelarna
Paribasa disawang
tina cara gelarna ngawengku paribasa tina kajadian, tina basa kabujangan, jeung
tina basa asing.
a. Paribasa
tina kajadian, contona: cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok hartina
upama dileukeunan bari junun sagala rupa hal anu hararésé ogé bakal bisa
dipigawé.
b. Paribasa
tina basa kabujangan, contona: umur gagaduhan nyawa sasampayan hartina ulah
boga anggapan umur.
c. Paribasa
tina Basa Asing
(1) Tina
basa Jawa, contona: sagalak-galaking maung tara nyatu anak hartina sakumaha bengisna
indung bapa tara téga ka anak.
(2) Tina
basa Indonésia, contona: aya biang keladina hartina aya ulon-ulonna atawa
sababna.
(3) Tina
basa Arab, contona: nungtut élmu mah ka nagara Cina gé hadé hartina nyungsi
pangarti mah bisa timana waé.
(4) Tarjamahan
tina basa Ingris, contona: waktu sarua jeung duit hartina waktu téh pohara
pentingna, ku kituna kudu bisa ngaturna.
4) Paribasa Disawang tina Sumber
Babandingana
Paribasa téh
digunakeun pikeun papagon lampah, supaya hirup salamet. Pangalaman anu geus
namper, nya diébréhkeun deui dina paribasa. Karuhun urang biasana ngagelarkeun
paribasa pikeun papagon lampah téh hasil tina paniténna anu gemet kana kaayaan:
awak sakujur, alam, tutuwuhan, sasatoan, barang jeung laku lampah jalma.
a. Paribasa
ngaran awak sakujur, contona: beungeut nyanghareup ati mungkir hartina henteu
terus jeung haté.
b. Paribasa
ngaran sasatoan, contona: kawas anjing tutung buntut hartina teu genah cicing
lanataran meunang kasusah.
c. Paribasa
ngaran tutuwuhan, contona: bonténg ngalawan kadu hartina nu lemah ngalawan nu
kuat.
d. Paribasa
ngaran kaayaan alam, contona halodo lantis ku hujan sapoé hartina kahadéan anu
geus loba musna ku kagoréngan anu ngan saeutik.
e. Paribasa
ngaran barang, contona: asa ditonjok congcot hartina mikahayang hiji barang nu
geus lila diarep-arep ari heug aya nu méré.
f. Paribasa
ngaran laku lampah, dibagi jadi sababara bagian di antarana:
(1) Paribasa
patali jeung tani, contona: hapa-hapa gé ranggeuyan hartina miskin-miskin ogé
boga salaki.
(2) Paribasa
patali jeung ingon-ingon, contona: kawas hayam keur endogan hartina teu ngeunah
cicing lantaran manggih kasusah.
(3) Paribasa
patali jeung perikanan, contona: lauk buruk millu mijah, puritan milu endogan
hartina pipiluan cacarita kana sagala hal, padahal lain ahlina.
(4) Paribasa
patali jeung dagang, contona: ngaborétékeun liang tai di pasar hartina nyaritakeun
rusiah sorangan nu matak aéb.
(5) Paribasa
patali jeung seni, contona: goong nabeuh manéh hartina ngagulkeun diri sorangan.
(6) Paribasa
patali jeung ninun, contona: bobo sapanon carang sapakan hartina teu sampurna,
aya kakuranganana.
(7) Paribasa
patali jeung sistem kamasarakatan, contona: kawin isuk pegat soré hartina ti
batan léléngohan nepi ka kolot, mending kungsi ngalaman kawin najan ngan
sakeudeung.
(8) Paribasa
patali jeung basa, contona: hadé gogog hadé tagog hadé tata hadé basa hartina
jalma anu alus réngkak paripolahna, alus budi basana.
(9) Paribasa
patali jeung élmu pangaweruh, contona: élmu tungtut dunya siar hartina hirup
kudu nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat.
(10) Paribasa
patali jeung kapercayaan contona: kawas kur’an butut hartina turunan ménak,
geus kolot taya kaboga tapi masih kénéh méménakeun.
DAFTAR PUSTAKA
Danadibrata, R.A.
2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama & Universitas
Padjajaran.
Dinas Pendidikan
Jawa Barat. 2007. SKKD Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung:
Dinas Pendidikan Jawa Barat.
Lembaga Basa
jeung Sastra Sunda. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Ternate.
Rahayu, Budi.
1988. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rosidi, Ajip Spk.
1987. Polemik Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Sudaryat, yayat.
2004. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, yayat.
Spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Suryalaga,
Hidayat.1993. Etika jeung Tatakrama Basa. Bandung: Geger Sunten.
Tamsyah, Budi
Rahayu. 1991. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
Trianto. 2007. Model-Modél
Pembelajaran Inovatif Berorientasi Konstruktivistik. Jakarta: Prestasi
Pustaka Publisher.
Universitas
Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Yudibrata, Karna.
Spk. 1990. Bagbagan Makéna Basa. Bandung: Rahmat Cijulang.