Rabu, 26 Oktober 2016

Sajak

Silalatu
Ku Nining Novianti
Ngaleut ngeungkeuy muslimin muslimat
Rampak léngkah tingguurudug
Patembalan jeung bedug kabuyutan
 dag dig dug
Ngagedagkeun ati nu bangkenu
Ngajak mangsa nu lalar liwat
Rangkeung tingkaretit obor
Ngagedurkeun sumanget nyambat illahi
Lailahaillaloh nanceb dina implengan
Seuneu hurung nguntab-nguntab
Silalatu lalumpatan paudag-udag
Ngudag harepan jeung implengan
Tingkariceup mapay jalan ka langit
Panas...ngoléab...beuki angot.
Balé-balé, 10 muharam




Deudeuh Si Aki

Késang lukut-lékét, nyurucudan maseuhan tonggongna, bajuna baseuh guyang ci késang. Sakapeung si Aki diuk bari rénghapna semu ngahégak, sakapeung nangtung deui bari ngulangkeun paculna, gedok-gedok keusik nu pacampur jeung batu dipaculan. Lamun geus ngarasa capé si aki ngaso deui, diuk dina luhureun batu bari nyusutan késang nu maseuhan sakabéh awakna. Dék teu lukut-lékét késang kumaha, sidik panon poé nyirorot panas pisan bari taya tangkal.
Sawahna sisi Cipandak, teu loba ukur sacangkéwok. Karepna mah hayang nambahan deui, nyieun deui kotakan tapi si Aki sadar manéhna geus kolot, teu sanggup kudu ngakutan batuna. Awakna geus kari tulang, geus teu kuat ungkat-angkat batu. Kuduna gé si Aki cicing di imah. Diuk dina korsi males, nyuruput cikopi dibaturan ku kulub sampeu atawa kulub hui. Tapi beuki kakolotan téh asa beuki ripuh, talung baheula keur ngora, hirup jamuga, serba cukup, teu kudu nampolan batu hayang nyieun kotakan gé, kari muruhkeun atawa ngagadé sawah batur.
Teu karasa murubut cipanona maruragan mun inget kana kaayaan dirina kiwari. Baheula mah cadu murag cipanon téh, iraha teuing manggih kasusah jeung kasedih jiga ayeuna. Tuda anak-anakna teu barisaeun mulang tarima, geus dijujurkeun ku kolot téh kalahka paroho teuing mopohokeun kétah kana jasa kolot. Padahal lamun lain cukanglantaran kolot mah boa moal jaramuga jiga ayeuna anak-anakna téh. Deudeuh teuing si Aki, sok ngarasula sakapeung mah kana nasib dirina.
Lamunan di Aki kageureuwahkeun ku beuteungna, pohoeun tadi isuk téh teu dahar heula da buru-buru sieun kapiheulaan ku panonpoé. Hadéna si Nini mekelan timbel.  Si Aki jumarigjeug leumpang muru ka Saung. Gék diuk semu ngabeubeutkeun awakna, kusiwel muka timbel tina kantong butut urut anak nu panggedéna. Barang bréh dibuka, aya timbel, aya uyah dibungkus ku daun jeung aya peda sasiki rada tutung. Sangu dikeupeul-keuepeul cocolkeun kana uyah, bari nyiwit pedana saeutik, am didahar. Ngagayemna anca pisan, da puguh huntuna kari sababaraha siki, sanajan lain ngadahar anu teuas tapi angger wé kakalémohan, keur mah sababaraha hiji tamba geus laloncér deuih. Emmmhh deudeuh teuing si Aki.
Ahir bulan, 2016

Selasa, 25 Oktober 2016

BASA KOSTA

KECAP-KECAP ANU ASALNA TINA BASA PORTUGIS


Antéro inteiro
Armada armada
Bandéra bandeira
Bangku banco
Bantal avental
Bolu bolo
Bonéka boneca
Garpuh garfo
Kastrol cassarola
Kerepus capuz
Kolor colote
Lantéra lanterna
Lomari armario
Mandor mandador
Martil martebo
Minggu domingo
Palsu falso
Panitih alfinete
Pélor pelouro
Persaben passe bem
Pigura figura
Ranté corrente
Rénda renda
Risiko risco
Ronda ronda
Sabun sabao
Sakola eskola
Salé geleica
Séka seka
Sésa sisa
Surutu charutu
Talédor traidor
Tanjidor tangedor
Tarigu trigo
Tempo tempo
Tukeur trocar




Dicutat tina buku Peperenian Urang Sunda Karangan Rachmat taufik H., Spk.

fiksimini

Deudeuh Si Aki

Késang lukut-lékét, nyurucudan maseuhan tonggongna, bajuna baseuh guyang ci késang. Sakapeung si Aki diuk bari rénghapna semu ngahégak, sakapeung nangtung deui bari ngulangkeun paculna, gedok-gedok keusik nu pacampur jeung batu dipaculan. Lamun geus ngarasa capé si aki ngaso deui, diuk dina luhureun batu bari nyusutan késang nu maseuhan sakabéh awakna. Dék teu lukut-lékét késang kumaha, sidik panon poé nyirorot panas pisan bari taya tangkal.
Sawahna sisi Cipandak, teu loba ukur sacangkéwok. Karepna mah hayang nambahan deui, nyieun deui kotakan tapi si Aki sadar manéhna geus kolot, teu sanggup kudu ngakutan batuna. Awakna geus kari tulang, geus teu kuat ungkat-angkat batu. Kuduna gé si Aki cicing di imah. Diuk dina korsi males, nyuruput cikopi dibaturan ku kulub sampeu atawa kulub hui. Tapi beuki kakolotan téh asa beuki ripuh, talung baheula keur ngora, hirup jamuga, serba cukup, teu kudu nampolan batu hayang nyieun kotakan gé, kari muruhkeun atawa ngagadé sawah batur.
Teu karasa murubut cipanona maruragan mun inget kana kaayaan dirina kiwari. Baheula mah cadu murag cipanon téh, iraha teuing manggih kasusah jeung kasedih jiga ayeuna. Tuda anak-anakna teu barisaeun mulang tarima, geus dijujurkeun ku kolot téh kalahka paroho teuing mopohokeun kétah kana jasa kolot. Padahal lamun lain cukanglantaran kolot mah boa moal jaramuga jiga ayeuna anak-anakna téh. Deudeuh teuing si Aki, sok ngarasula sakapeung mah kana nasib dirina.
Lamunan di Aki kageureuwahkeun ku beuteungna, pohoeun tadi isuk téh teu dahar heula da buru-buru sieun kapiheulaan ku panonpoé. Hadéna si Nini mekelan timbel.  Si Aki jumarigjeug leumpang muru ka Saung. Gék diuk semu ngabeubeutkeun awakna, kusiwel muka timbel tina kantong butut urut anak nu panggedéna. Barang bréh dibuka, aya timbel, aya uyah dibungkus ku daun jeung aya peda sasiki rada tutung. Sangu dikeupeul-keuepeul cocolkeun kana uyah, bari nyiwit pedana saeutik, am didahar. Ngagayemna anca pisan, da puguh huntuna kari sababaraha siki, sanajan lain ngadahar anu teuas tapi angger wé kakalémohan, keur mah sababaraha hiji tamba geus laloncér deuih. Emmmhh deudeuh teuing si Aki.

Ahir bulan, 2016

carpon hiji

PARADIGMA
Ku Nining Novianti
Sabulan deui Mirna nyanghareupan UN téh. Tangtu sabérésna UN, kagiatan diajar tamat. Kari nungguan hasil UN jeung acara perpisahan. Sanggeus perpisahan? Tah ieu nu dipikabingung ku Mirna. Bérés SMA dék kamana jeung dék kumaha.
“Mending kuliah? Gawé? Kawin? Éh naha kawin aya dina pilihan? kapan ngora kénéh, can tamat SMA deuih. karék gé 18 taun. Si Tétéh gé can kawin. Maenya kudu geus mikir kawin? Éy.....Teu kabayang kudu ngurus rumah tangga, teu bisa ulin jeung babaturan, ngurus imah, ngurus salaki, ngurus resiko dapur, kudu masak nyadiakeun salaki, mayar arisan, meuli sayuran ka pasar keur pasakeun, boga budak, ngurus budak, ngatur duit paméré salaki, jeung saabreg pasualan-pasualan rumah tangga. Ah can siap. Siap teu nya? Ah acan ah,,iiihhh tong waka ah tong waka kawin. Positif ENTONG WAKA KAWIN. Ayeuna tinggal dua pilihan deui, kuliah? Gawé? Lamun rék gawé, gawé dimana? Lamun rék kuliah, kuliah kana jurusan naon?” ceuk Mirna dina jero haté.
“Aduh Gustiiii, kumaha nya? Hmmmhhh kuliah? Gawé?” Mirna rumahuh tuluy  ngarénghap rada panjang. Manéhna bingung kudu kumaha sedeng waktu pikeun mikir sakeudeung deui.
“Mun gawé, lulusan SMA saperti kuring mah paling copel jadi kasir atawa jadi karyawan di pabrik. Mun jadi kasir? ngeunah sih gawéna ukur ngawadahan balanjaan nu meuli tuluy diitung maké komputer. Maké seragam deuih, lumayan lah rapih, gawéna indoor, aya ac-an. Tapi kudu nangtung sapopoé da rata-rata di tempat kasir mah tara aya korsi. Ah cangkeul atuh. Jeung deuih naha engkéna kuring bakal terus jadi kasir nepi ka kolot? Ah atuh euweuh kamajuan. Mun jadi karyawan di pabrik, cenah ceuk nu enggeus-enggeus, gawéna teu bisa santay jeung deuih aturana ketat pisan, komo pabrik nu geus alus mah. Ayeuna umur 18 taun kénéh bisa lah gawé di pabrik sok sanajan teu meunang capé, tapi  lamun umur kuring geus 40 taun naha bakal kuat kénéh gawé di pabrik? Hadeuuhhh!”
“Ayeuna lamun kuliah, Kuliah kana jurusan naon nya? Loba da jurusan di kuliah téh, asa ruy-roy. Itu hayang ieu hayang. Tapi sieun hésé néangan gawé ka dituna.” Ceuk Mirna bari manyun jeung rupa nu bingung.
Antukna Mirna jadi mindeng hulang-huleng, Mirna embung manéhna salah milih jalan. Manéhna hayang jadi jelema anu suksés, hayang ngabagjakeun kolotna.
“Atuh Mir, kuliah di pendidikan wé, jiga Bapa jadi guru. Ngan Mirna mah tong jadi guru SD, kudu aya peningkatan, jadi guru SMA atawa jadi dosén, ari bingung nangtukeun pilihan mah.” Ceuk Indungna Mirna ngamimitian muka obrolah basa Mirna diuk na korsi bari ngalamun.
“Kuliah di pendidikan? Jadi guru? Aduh Mamah, maenya Bapa guru, Mirna jadi guru deui. Teu aya kamajuan atuh Mah. Jaba ayeuna mah geuning satutasna kuliah di pendidikan téh ngalamar ka sakola hésé, pinuh saur Pa Mentri ogé. Jaba deuih upami katampi ngahonor janten sukwan gajihna teu sabaraha, mending mun langsung janten PNS. Tapi kan hésé Mah janten PNS téh. Ah males Mirna mah upami janten guru jiga bapa mah” ceuk Mirna rupa teu minat saeutik-eutik acan.
“Kuliah ka Ilmu Pemerintahan atuh?” ceuk indungna méré luang deui.
“Jadi Camat atawa engkéna damel di kecamatan? Atuh Mamah sami ngahonor-honor kénéh. Ah males.” Mirna manyun.
“Ka kesehatan atuh? Jadi perawat atawa bidan atawa dokter sakalian.” Ceuk indungna beuki keseleun.
“Mamah perawat tos seueur, di rumah sakit tos pinuh. bidan gé seueur deuih. Dokter moal kauteukan. Apan mamah gé terang Mirna mah paling sieun ku getih. Jaba deuih ari kuliah ka kesehatan mah kapan mahal. Engké ayi-ayi Mirna kumaha sieun teu kabiayaan. Teu ah teu minat Mirna mah.”
“Éh tong sok cangcaya soal béaya da dirijkian ku Alloh, pamali ulah kitu.” Témbal indungna
Mirna répéh teu ngajawab kalahka ngomé tungtung tiungna.
“Ari seug dék kamana atuh? Ka jurusan Ekonomi? Rék bisnis?” tanya indungna.
“Tah éta Mah, minat Mirna mah. Tapi kétah kapan bisnis téh kedah ageung modal. Kantenan bisnis nu ageung mah pasti modalna gé kedah ageung” ceuk Mirna.
“Jadi Penyanyi atuh, pan Mirna mah sorana alus.” Ceukindungna.
“enya sih mah soanten Mirna téh saé, tapi Mirna mah pan.........Ah lieurr!”
Sabenerna Mirna geus boga cita-cita “jadi pangusaha suksés” Tapi cita-cita “pengusaha” téh masih abstrak, masih reyem-reyem. Cita-citana ngan saukur ka-isme-an ku pengusaha-pengusaha anu geus suksés dina TV kayaning Chairul Tanjung, Abu Rizal Bakri, jeung Sandiaga Uno. Heueuh kapan éta téh pangusaha-pangusaha anu geus kahot kasuksésanana. Dina ngahontal kasuksésanana perlu waktu nu lila jeung prosés nu panjang. Paingan ceuk mamah kudu puguh jadi pangusaha téh, rék usaha naon? Pan loba jenis usaha téh, aya usaha kuliner, aya usaha baju, aya usaha meubel, aya usaha toko kelontongan, jeung réa-réa deui. kabéhdieunakeun beuki kapikir, teu gampang jadi pengusaha téh. Kudu boga élmuna, lian ti élmu kudu boga modalna, kudu bisa ngaturna, kudu bisa ngurusna, kudu bisa ah sagala rupa wéh. Jeung deuih can tangtu usaha anu dirintis ku urang téh ujug-ujug suksés, atawa ujug-ujug meunang untung loba. Can kapikir palebah rugina atawa kurang payu atawa aya hal-hal lain di luar wangwangan Mirna. 
Di sakola Mirna gawéna ngan ngalamun baé. Kabeneran harita euweuh guruna. Manéhana diuk gigireun jandela. Bréh sawah katingali écés, para patani keur ngadompléng. Heuh kapan ayeuna téh geus mimiti deui nyawah.
“Euh...Bété.” ceuk Mirna tuluy kaluar kelas néangan Pa Rudi guru anu pangdeukeutna jeung manéhna. Lunga-lengo ka kantor kasampak Pa Rudi keur diuk baé, jigana keur teu aya gawé.
“Pa! Hehe..!”  bari sura-seuri, mirna ngoloyoh ka jero.
“Aya naon Mir?” ceuk Pa Rudi semu daria.
“Henteu Pa, aya taroskeuneun.”
“Perkara naon?”
“mmmhhh kieu Pa, pan abdi téh sakedap deui badé UN.”
“Ohh..kumaha? aya kendala?”
“Sanés Pa, teu acan bérés nyariosna. Pan abdi téh sakedap deui UN, teras tos UN kan bérés sakolana, teras tos bérés sakola téh lulus. Nah abdi téh bingung tos bérés SMA téh badé kumaha sareng badé kamana. ”
“Ohh....Ari Mirna hoyongna kumaha? Pan meureun Mirna gaduh cita-cita.”
“Gaduh sih pa, Tapi....ah cangcaya Pa.”
“Naha bet cangcaya? Can gé acan. Tong kuméok méméh dipacok. Can gé dicobaan geus nyebutkeun taluk.”
“Tapi Pa cita-cita mirna téh luhur teuing, abstak, jiga cita-cita keur kelas hiji SD. Hoyong janten dokter, janten pilot. Pan éta mah ngan saukur sesebutan hungkul atawa tuturuti ka batur.”
“Har saha nu bisa ngukur yén éta cita-cita téh luhur, lamun can dilakonan. Saha jalma nu bisa nyebutkeun cabé téh lada lamun can diasaan. Apaleun cabé lada sotéh da geus ngasaan cabé. Lamun can ngasaan mah moal enya apaleun.”
“Tapi Pa, di ditingali kieu na gé asa moal kahontal.”
“Is..ulah kitu. Kudu optimis Mir. Ulah pesimis kitu.”
Mirna répéh. Ceuk  pikirana bener ogé ceuk pa Rudi téh.
Mirna sabenerna hayang nanyakeun masalah mending kuliah atawa gawé. Tapi lamun didadarkeun alesanna lamun misalna kuliah embung kuliah ka pendidikan sabab engkena pasti ngahonor jeung gajihna teu sabaraha, naha moal kasigeung kitu Pa Rudina? Ah mending entong bisi pajarkeun ngalédék.
“Héy kalahka ngalamun.” Ceuk Pa Rudi. Mirna kacida reuwaseunana.
“Aéh........abdi téh aya kénéh kapanasaran. Bingung kénéh badé neraskeun ka paguron luhur atawa badé damel. Ari neraskeun ka paguron luhur meureun kedah terang kana jurusan naon kuliah téh teras dimana kuliahna jeung kumaha cara daftarna. Teras abdi téh bingung kedah kuliah kamana da geuning sadaya padamelan gé tos seueur, malah pabalatak dugi ka kantos diwartakeun sarjana di Indonesia seueur nu teu gaduh padamelan. Punten nya Pa, teras upami damel misalna di instansi anu digajih ku pamaréntah gajihna teu sabaraha, tah abdi téh alim kitu da panginten hoyong mésér itu mésér ieu, nyekapan kabutuhan itu sareng kabutuhan anu sanésna komo upami tos rumah tangga.”
“Mir, kudu dilempengkeun pamahaman Mirna téh. Sabenerna kuliah téh hang néangan duit atawa néangan élmu? Lamun Mirna rék néangan gawé, atawa duit jadi prioritas utama teu kudu kuliah, geus wé gawé tah gawé mah bisa langsung meunang gajih. Tapi meureun pagawéana ogé anu luyu jeung kaluaran SMA. Ari soal rejeki, soal materi mah da Alloh nu ngatur, tinggal urangna rido henteu? Ihlas henteu dina migawéna. Teu sakabéhna bisa disugemakeun ku duit, teu sakabéhna bisa dibeuli ku duit. Lamun pandangana ka gajih, éta mah ceuk pandangan duniawi hungkul. Contona guru, mémang ari tina gajih mah teu sabaraha, tapi lamun urang ihlas mah gajihna téh sampeureun jaga di ahérat. Pan salasahiji amalan nu moal pegat nepi ka maot téh élmu anu mangpaat.”
Mirna ngahuleng nafakuran kekecapan Pa Rudi.
***