Jumat, 04 November 2016

babasan jeung paribasa sunda




BAB II
BABASAN, PARIBASA SUNDA, JEUNG LINGUISTIK ANTROPOLOGIS

2.1  Babasan jeung Paribasa Sunda
Babasan jeung paribasa Sunda téh kaasup basa pakeman. Ari nu dimaksud basa pakeman téh nya éta ucapan anu geus matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeumanana, lain harti sajalantrahna. Ku lantaran basa pakeman téa, babasan jeung paribasa Sunda teu bisa dirubah-rubah deui kecapna.
Babasan jeung paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi ka bilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna éta rupa-rupa babasan jeung paribasa téh ngan waé gedé kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan, aya ogé nu rada béh dieu. Anu dipaké ukuran heubeul jeung anyar téh di antarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
Conto babasan anu disangka heubeul upamana janget kinatelon hartina turunan hadé boh ti indung boh ti bapa (ilaharna dilarapkeun ka sasatoan, mun ayeuna mah istilahna bibit unggul). Boh kecap janget atawa kinatelon, kiwari geus tara dipaké. Bisa jadi éta téh kecap Sunda buhun anu kiwari geus henteu dipikawanoh ku panyatur basa Sunda. Béda jeung paribasa dagang peda ka Cirebon anu ungkarana babari pisan kaharti, tur kecap-kecapna masih kénéh produktif digunakeun dina paguneman sapopoé. Ku urang bisa karampa, gelarna éta paribasa téh sanggeus urang Sunda wawuh kana peda jeung Cirebon, basana rada béh dieu. Lian ti éta, aya deui paribasa anu proses gelarna bisa direkonstruksi, dipatalikeun jeung hiji pajamanan Culturalstelsel (Tanam Paksa).
Urang Sunda ngagem Islam, teu saeutik idiom tina Islam anu ngajanggélék jadi babasan atawa paribasa, contona kokoro manggih mulud jeung puasa manggih lebaran.
Dina prak-prakan urang ngedalkeun omongan, babasan atawa paribasa téh sok dalit gumulung, jadi bagian tina ungkara kalimah. Tujuan ngagunakeun babasan jeung paribasa nya éta pikeun ngagambarkeun hiji kaayaan, pamadegan, angen-angen atawa kahayang kalawan merenah, singget, lantip, jeung éndah sakumaha anu dipimaksud ku si panyatur.
Contona waé dina paguneman di handap ieu:
“Béjana anu sok pirajeunan ngala bungbuahan di kebon téh anak tatangga urang anu imahna ditungtung kalér téa. Abong heueuh, tuda bapana ogé baheula sok resep ceceremed,” ceuk Bi Jumsih.
“Ah, tuda uyah tara téés ka luhur atuh. Ibi,” Nyi Holisoh mairan.
Dina paguneman di luhur, digunakeun paribasa uyah tara téés ka luhur pikeun nyumputkeun maksud panyatur.

2.1.1   Babasan
Nurutkeun Satjadibrata dina Hidayat nétélakeun yén babasan nya éta sawatara susunan kecap anu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa. Aya deui wangenan babasan téh nya éta ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman (LBSS, 1995:43). Babasan hartina sarua jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya éta ucapan-ucapan nu hartina teu sajalantrahna, susunan basana ringkes, saeutik patri jeung ulah dihartikeun sacéréwéléna.
Nurutkeun Sudaryat (1997:118-119) babasan umumna mangrupa kecap kantétan atawa frasa. Najan kitu, aya ogé babasan anu wangunna kecap rundayan tapi tetep mibanda harti injeuman. Babasan jeung paribasa dibagi kana tilu wengkuan, di antarana baris dibéjérbéaskeun di handap ieu.

1)   Wangun Rundayan
Babasan wangun rundayan nya éta babasan anu diwangun ngaliwatan prosés ngararangkénan, boh binarung ngarajék jeung ngararangkénan boh henteu. Tapi tetep ngandung harti injeuman.

a.    Ayang-ayangan
Babasan ayang-ayangan mangrupa babasan wangun rundayan. Diwangun ngaliwatan prosés ngarajék kecap ayang maké kecap rajékan dwimurni. Tuluy dirarangkénan tukang –an jadi ayang-ayangan. Babasan ayang-ayangan hartina tumerap kana perkara anu réa rambat kamaléna, réa ambat-amabatanana.



b.    Bobor Karahayuan
Babasan bobor karahayuan mangrupa babasan wangun rundayan diwangun ngaliwatan prosés ngararangkénan kecap rahayu ku rarangkén tukang jeung hareup ka-an. Jadi karahayuan. Bobor karahayuan hartina katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah.

c.    Diadukumbangkeun
Babasan diadukumbangkeun mangrupa wangun rundayan. Ngaliwatan prosés ngararangkénan binarung ngantétkeun. Upama dirucat kecap asal tina diadukumbangkeun nya éta adu kumbang dirarangkénan tukang –keun jadi adu kumbangkeun. Tuluy dirarangkénan hareup di-, lamun dirarangkénan di- éta dua kecap téh dikantétkeun jadi diadukumbangkeun. Diadukumbangkeun hartina dua jelema atawa sato, dicekel pundukna tuluy diadukeun lebah tanaga sataker tanaga.

2)   Wangun Kecap Kantétan
Babasan wangun kantétan nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta miboga harti injeuman, anu béda jeung harti unsur-unsur pangwangunna.

a.    Atah Anjang
Babasan atah anjang mangrupa kecap kantétan nya éta ngantétkeun dua kecap atah jeung anjang. Atah biasana dibasakeun kana kadaharan anu can waktuna beunang didahar sabab lamun dipaksa didahar moal nyari tampolana aya matakna kana kasehatan. Anjang hartina datang ka imah batur rék manggihan pribumi. Sedengkeun lamun dihijikeun antara atah jeung anjang hartina jadi béda hartina jarang nganjang.

b.    Bulu Taneuh
Babasan bulu taneuh mangrupa babasan wangun kecap kantétan. Bulu taneuh diwangun ku dua kecap nya éta bulu jeung taneuh jeung miboga harti séwang-séwangan. Bulu hartina nu jaradi dina kulit sabagian sasatoan sedengkeun taneuh nya éta daging buleudan bumi nu geus tiis sarta bisa dipelakan. Sedengkeun bulu taneuh hartina tukang tani, patani.

c.    Amis Budi
Babasan amis budi mangrupa babasan wangun kantétan. Ngaliwatan prosés ngantétkeun dua kecap amis jeung budi. Kecap amis hartina rasa gula. Budi asalna tina basa sansakerta hartina akal, timbangan, pikiran, haté, adat jeung parangi nu hadé. Amis budi hartina alus budi parangi.

3)   Wangun Frasa
Babasan wangun frasa nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih tapi hubungan unsur-unsurna henteu dalit tur ngandung harti injeuman. Ieu babasan téh umumna mangrupa frasa éndoséntrik nya éta frasa anu salasahiji unsurna bisa ngawakilan éta frasa dina distribusi kalimah. Conto: asa kiamat. Wangun babasan asa kiamat kaasup babasan wangun frasa. Kaasup frasa éndoséntris sabab aya salasahiji unsurna bisa ngawakilan dina ditribusi kalimah. Asa kiamat hartina pohara sedihna jeung susah luar biasa.

2.1.2    Paribasa
Kecap paribasa lamun dihartikeun sacéréwéléna mah nya éta panyarék. Ari dina basa Sunda kiwari paribasa téh sarua hartina jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku.
Dina élmu basa, paribasa nya éta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, sarta geus tangtu pokpokanana (Tamsyah, 2003:9).
Ceuk istilah séjénna paribasa téh ungkara winangun klausa (kalimah) anu geus matok, tur maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Paribasa jeung babasan téh pada-pada pakeman basa umumna prah dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kallimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Susunanna ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun sabab lamun dirobah tangtu eusina ogé bakal robah.
Babasan jeung paribasa téh saenyana mah sarua baé, hésé dibédakeunana. Ngan bédana babasan mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mangrupa kalimah. Ceuk Sudaryat (1985:118) babasan umumna ngandung harti injeuman sedengkeun paribasa ngandung harti babandingan.
Papasingan Paribasa numutkeun Sudaryat (1997:99) ayana harti dina paribasa, boh langsung boh injeuman geus nuduhkeun yén paribasa téh mangrupa garapan tata harti (semantik), sarta bisa diwincik dumasar kana:
1)   jumlah jeung warna unsurna;
2)   maksud anu dikandungna;
3)   cara gelarna; jeung
4)   sumber babandingana.
Sangkan leuwih jéntré, di handap ieu baris dipedar hiji-hijina.

1)   Paribasa Disawang tina Jumlah jeung Wangun Unsurna
Paribasa umumna mangrupa kalimah anu diwangun ku jejer jeung caritaan boh dibarengan obyék atawa katerangan boh henteu. Nilik kana kalimah anu jadi unsur pangwangunna, paribasa aya nu mangrupa kalimah salancar jeung aya nu mangrupa kalimah jembar.

a.    Paribasa Salancar
Paribasa salancar nya éta paribasa nu diwangun ku hiji jejer jeung hiji caritaan boh dibarengan ku obyek atawa katerangan boh henteu. Paribasa salancar diwangun ku hiji klausa. Contona:
(1)     Anjing ngagogogan kalong hartina mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
(2)     Beja mah béjé hartina kudu waspada dina narima béja sabab can puguh bener henteuna.

b.    Paribasa Jembar
Paribasa jembar nya éta paribasa anu diwangun ku dua kalimah salancar atawa leuwih. Conto:
(1)     Ati mungkir beungeut nyanghareup hartina ngalampahkeun pagawéan (naon-naon) nu teu surup jeung haté ahirna ngagugu ku kapaksa.
(2)     Bedog mintul mun  diasah laun-laun jadi seukeut hartina najan mimitina mah teu ngarti atawa teu nyaho, lamun leukeun diajar urang téh tangtu jadi ngarti.

2) Paribasa Disawang tina Maksud anu Dikandungna
Paribasa disawang tina maksud anu dikandungna ngawengku paribasa piluangeun, paréntah, jeung pituah.

a.    Paribasa Piluangeun
Paribasa piluangeun eusina ngébréhkeun pangalaman (luang) nu geus lumrah di masarakat urang, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang. Conto:
(1)     Asa ditonjok congcot hartina narima hiji barang anu geus lila dipikahayang, datang bari teu disangka-sangka.
(2)     Dipiamis buah gintung hartina jalma anu dipisobat ari hég nyilakakeun.
(3)     Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat hartina indung bapa téh sumberna kawaluyaan jadi anak.

b.    Paribasa Paréntah
Paribasa paréntah nya éta paribasa anu eusina ngébréheun pangjurung laku anu alus, anu bakal mawa kasalametan hirup. Conto:
(1)     Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak hartina kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kayaan ulah nahap-nahapkeun manéh.
(2)     Kudu bodo aléwoh hartina lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti kudu daék tatanya.

c.    Paribasa Pituah
Paribasa pituah nya éta paribasa anu eusina ngahalangan kana lampah salah, sangkan urang ulah nepi ka ngajalankeun kalakuan anu matak ngarugikeun. Conto:
(1)     Ulah bengkung bekas nyalahan hartina ulah nepi ka kajadian ari keur budak kalakuan hadé ari geus kolot jadi goréng.
(2)     Ulah biwir nyiru rombéngeun hartina ulah resep nyaritakeun kagoréngan atawa rusiah jalma nu lian.

3) Paribasa Disawang tina Cara Gelarna
Paribasa disawang tina cara gelarna ngawengku paribasa tina kajadian, tina basa kabujangan, jeung tina basa asing.
a.    Paribasa tina kajadian, contona: cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok hartina upama dileukeunan bari junun sagala rupa hal anu hararésé ogé bakal bisa dipigawé.
b.    Paribasa tina basa kabujangan, contona: umur gagaduhan nyawa sasampayan hartina ulah boga anggapan umur.
c.    Paribasa tina Basa Asing
(1)     Tina basa Jawa, contona: sagalak-galaking maung tara nyatu anak hartina sakumaha bengisna indung bapa tara téga ka anak.
(2)     Tina basa Indonésia, contona: aya biang keladina hartina aya ulon-ulonna atawa sababna.
(3)     Tina basa Arab, contona: nungtut élmu mah ka nagara Cina gé hadé hartina nyungsi pangarti mah bisa timana waé.
(4)     Tarjamahan tina basa Ingris, contona: waktu sarua jeung duit hartina waktu téh pohara pentingna, ku kituna kudu bisa ngaturna.

4) Paribasa Disawang tina Sumber Babandingana
Paribasa téh digunakeun pikeun papagon lampah, supaya hirup salamet. Pangalaman anu geus namper, nya diébréhkeun deui dina paribasa. Karuhun urang biasana ngagelarkeun paribasa pikeun papagon lampah téh hasil tina paniténna anu gemet kana kaayaan: awak sakujur, alam, tutuwuhan, sasatoan, barang jeung laku lampah jalma.
a.    Paribasa ngaran awak sakujur, contona: beungeut nyanghareup ati mungkir hartina henteu terus jeung haté.
b.    Paribasa ngaran sasatoan, contona: kawas anjing tutung buntut hartina teu genah cicing lanataran meunang kasusah.
c.    Paribasa ngaran tutuwuhan, contona: bonténg ngalawan kadu hartina nu lemah ngalawan nu kuat.
d.   Paribasa ngaran kaayaan alam, contona halodo lantis ku hujan sapoé hartina kahadéan anu geus loba musna ku kagoréngan anu ngan saeutik.
e.    Paribasa ngaran barang, contona: asa ditonjok congcot hartina mikahayang hiji barang nu geus lila diarep-arep ari heug aya nu méré.
f.     Paribasa ngaran laku lampah, dibagi jadi sababara bagian di antarana:
(1)     Paribasa patali jeung tani, contona: hapa-hapa gé ranggeuyan hartina miskin-miskin ogé boga salaki.
(2)     Paribasa patali jeung ingon-ingon, contona: kawas hayam keur endogan hartina teu ngeunah cicing lantaran manggih kasusah.
(3)     Paribasa patali jeung perikanan, contona: lauk buruk millu mijah, puritan milu endogan hartina pipiluan cacarita kana sagala hal, padahal lain ahlina.
(4)     Paribasa patali jeung dagang, contona: ngaborétékeun liang tai di pasar hartina nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aéb.
(5)     Paribasa patali jeung seni, contona: goong nabeuh manéh hartina ngagulkeun diri sorangan.
(6)     Paribasa patali jeung ninun, contona: bobo sapanon carang sapakan hartina teu sampurna, aya kakuranganana.
(7)     Paribasa patali jeung sistem kamasarakatan, contona: kawin isuk pegat soré hartina ti batan léléngohan nepi ka kolot, mending kungsi ngalaman kawin najan ngan sakeudeung.
(8)     Paribasa patali jeung basa, contona: hadé gogog hadé tagog hadé tata hadé basa hartina jalma anu alus réngkak paripolahna, alus budi basana.
(9)     Paribasa patali jeung élmu pangaweruh, contona: élmu tungtut dunya siar hartina hirup kudu nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat.
(10) Paribasa patali jeung kapercayaan contona: kawas kur’an butut hartina turunan ménak, geus kolot taya kaboga tapi masih kénéh méménakeun.  

DAFTAR PUSTAKA
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama & Universitas Padjajaran.
Dinas Pendidikan Jawa Barat. 2007. SKKD Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Jawa Barat.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Ternate.
Rahayu, Budi. 1988. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rosidi, Ajip Spk. 1987. Polemik Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Sudaryat, yayat. 2004. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat, yayat. Spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Suryalaga, Hidayat.1993. Etika jeung Tatakrama Basa. Bandung: Geger Sunten.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1991. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
Trianto. 2007. Model-Modél Pembelajaran Inovatif Berorientasi Konstruktivistik. Jakarta: Prestasi Pustaka Publisher.
Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Yudibrata, Karna. Spk. 1990. Bagbagan Makéna Basa. Bandung: Rahmat Cijulang.