MANTRA
A. Wangenan Mantra
Ditilik tina wangunna, mantra téh kaasup kana basa
ugeran (puisi). Malah bisa disebutkeun yén ciri lahir dina mantra téh nyaéta
lobana purwakanti anu dinggap ngandung kakuaatan gaib. Basa anu digunakeunana
kawilang ahéng, sipatna esoterik nyaéta hésé katangkep maksudna, malah mungkin
waé teu boga harti sama sekali. Mantra téh mangrupakeun salasahiji tradisi
masarakat Sunda nu diwariskeun turum tumurun. Taya kacindekkan anu pasti iraha
jeung saha nu ngagelarkeunana.
Mantra digunakeun dina kagiatan magis pikeun
ngahontal tujuan ku cara-cara nu luar biasa. Ku kituna, mantra téh dianggap
sakral jeng karamat, ngagunakeuna ogé teu sagawayah. Umumna dina kahirupan
masareakat kuno nu dianggap boga wewenang ngagunakeun mantra téh nyaéta dukun,
kokolot atawa malim.
Ditilik tina tujuanna anu baris dihontal, mantra téh
bisa dibagi dua golongan. Kahiji, mantra pikeun kasalametan atawa kamaslahatan.
Upamana wae pikeun ngubaran nu gering atawa ngajaga kebon tina gangguan hama.
Kadua, mantra pikeun ngabinasakeun anu lian, upamana waé teluh.
Ditilik tina eusi anu dikandungna, gelarna mantra
dina kahirupan urang sunda dina mangsa animisme atawa dinamisme. Najan kitu teu
mustahil dina mangsa kadieunakeun mantara angger gumelar. Hal ieu bisa
dibuktikeun lamun urang niténan mantra-mantra anu ngagunakeun kecap-kecap tina
bahasa arab.
Leupas tina kakuatan gaib anu dikandungna, kiwari
mantra téh dinggap karya sastra nu boga ajén mandiri. Mantra dianggap boga ajén
éstétis.
Mantra digunakerun
pikeun:
1.
nu
maot sampurna
2.
bedas,
tohaga jeung awet ngora
3.
rahayu
lembur, rajakaya (pepelakan jeung ingon-ingon)
4.
lian
ti eta aya oge paranti mergasa nu lian, sangkan paeh atawa gering. Utawa
parabot neluh téh aya diantarana puputrian tina lamak, endog kacingcalang,
rarwen, merang awi, harupat, hinis awi tali, jarum. Mantra paneluhan téh
dipapatkeunana di jarian wanci sareupna. Jalma nu rék dipiteluh disambat ngaranna, lemburna, jst.
5.
ngariksa
kebon, pepelakan, pare, atut diri sangkan hanteu diganggu ku sasaton, sato
leuweung, hujan angin, subaya ti nu lian, guludug, hama tur angin
6.
nyinglar jurig, kultianak, lelembut anu sok jail tur ngaganggu
7.
nyieun
babakan, nyicingan empat
8.
naklukeun
siluman sileman
9.
nulak
gawe nu jail
10.
ngaruat
11.
Caah,
hujan
12.
pamunah
impian goreng
13.
ngajampe
nu gering wales tur nyageurkeun panyakit
14.
ngajampé
nu kacilakaan
B.
Papasingan
Mantra
1.
Ajian
Ajian
nya éta mantra anu dipakéna pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Upamana waé
sangkan gedé sima, awét ngora, jsb. Kitu deui pikeun karahayuan ngajaga lembur,
raja kaya, pepelakan, jeung ingon-ingon. Lolobana ajian téh dipaké geusan
meunangkeun karahayuan jiwa raga jeung pakaya. Tapi aya ogé nu sok dipaké
nandasa nu lian nya éta ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh (Rusyana
1970:12). Conto Ajian:
Ajian
pikeun Kabedasan
Dampal suku
ngabatu datar
bitis ngabatu
wilis
nyurup ka
badanna
nyurup ka
sungsumna
getih sabadan
bulu sabadan
bedas ngala ka
aki
bismillah
(Soemarsono, 1983:38)
2.
Gendam
Gendam
asalna tina basa Sansekerta, nya éta tarékah malar daék nyampeurkeun; lamun
urang lalajo mamarung ketuk tilu teu niat milu ngigel, tapi lantaran haleuangna
jeung sisindiranna ronggéng ditambah ku halimpuna kendang jeung gendang keuna
ka urang, nepi ka urang nu teu niat-niat ngigel ayeuna jadi milu ngigel.
3.
Werejit
Werejit nyaéta
teluh nu gunana pikeun nyilakakeun atawa nandasa lawan. Werejit mangrupa teluh
anu kawilang extrim jeung dipikasieun ku jalma,henteu ngan saukur nandangan
siksaan hungkul, tapi werejit mah saacan jalmana maot moal eureun siksaana.
Cara pikeun ngagunakeun werejit mimitina kudu nyadiakeun kekembangan nu bauna
pahang, tuluy kekembangan éta diasupkeun kana wadah nu geus dieusian ku
sasatoan saperti oray héjo, bayongbong, langir, jrrd. Saterusna kudu nyieun
bonéka nu dijieun tina baju jalma nu rék diteluh. Lamun misalna pakéan jalma nu
rék diteluhna euweuh bisa ogé ku cara maké ngaran, wedal jeung alat jelma nu
dituju. Bari macakeun mantra bobonékaan anu tadi diasupkeunkana wadah nu aya
sasatoan téa. Lamun aya sora ngajerit, sora jalma nu keur nahan kanyeri berarti
werejitna geus nepika jalma nu ditujuna, lamun henteu berarti jalma nu ditujuna
teu teurak ku werejit sabab boga élmu atawa dibantuan ku nu boga élmu. Lamun
kajadianna saperti kitu, sasatoan nu aya dina wadah bakal paraéh. Korban nu teu
teurak ku werejit bisa ngabales deui ku cara mulangkeun deui werejit ka nu
ngirim. Conto teluh:
Paneluh Galunggung
Ratu teluh ti Galunggung
Sang Ratu cedacawal
Ratu teluh ti Gunung Agung
Sang Ratu murba Sakama
Sang Ratu Talaga Bodas
Nu kumawasa pusering talaga
Sang Ratu Cedacawal
Nya aing Sang Ratu Cedacawal
Pur geni pur braja
Seuseup getihna
Cokcrok ototna
Sebit atina
Bedol tikorona
Sayab nyawana
Tuh Singsieunan si …………
Ratu teluh ti Galunggung
Sang Ratu cedacawal
Ratu teluh ti Gunung Agung
Sang Ratu murba Sakama
Sang Ratu Talaga Bodas
Nu kumawasa pusering talaga
Sang Ratu Cedacawal
Nya aing Sang Ratu Cedacawal
Pur geni pur braja
Seuseup getihna
Cokcrok ototna
Sebit atina
Bedol tikorona
Sayab nyawana
Tuh Singsieunan si …………
C.
Analisis
1.
Ajian
Upama ditilik tina wangunna, ajian téh saperti kieu:
Ajian
pikeun Kabedasan
Dampal
suku ngabatu datar (a – a)
bitis
ngabatu wilis (i
– i)
nyurup ka
badanna (u
– a)
nyurup
ka sungsumna (u
– u)
getih
sabadan (i
– a)
bulu sabadan (u – a)
bedas
ngala ka aki (a
– i)
bismillah (Soemarsono, 1983:38)
wangun kecapna murwakanti jeung kauger, miboga ajén éstétis deuih. Sedengkeun
upama analisis nguenaan sikep masarakat kana ajian, saperti di handap ieu:
Ajian
di wewengkon Cikoneng Ciamis mah masih
aya kénéh. Ajian nu digunakeunna nyaéta ajian awét ngora hususna ajian tetep
jagjag. Anu masih ngagem ajian éta nyaéta jalma nu geus aki-aki nu lahir taun
40-an. Baheula mah loba nu ngagunakeun ajian téh ti mimiti ajian kabedasan
nepika ajian awét ngora da di daérah éta téh lolobana katurunan Kerajaan
Panjalu. Kaasup akina Trésna masih ngagunakeun tapi ayeuna mah geus tilar
dunya.
Ajian
di wewengkon Naringgul Kabupatén Cianjur masih aya kénéh tapi jarang nu
ngagunakeunana mah paling ngan saukur mikanyaho. Hal éta disababkeun ku asupna
budaya modern jeung ayeuna mah loba
rumaja-rumaja di Naringgul nu sarakola. jadi minat pikeun diajar ajian téh ngurangan sabab geus
sibuk ku sakola. Baheula mah diajar élmu-élmu kitu téh kusabab euweuh kagiatan.
Tah pikeun ngeusi waktu kosongna nya ku diajar ajian téa atawa élmu-élmu nu
lianna. lian ti éta kiwari mah pola pikir masarakatna gé geus modern.
Lian ti di Ciamis jeung di Cianjur, aya deui di Sumedamg anu
cenah jadi puseur budaya. Mémang bener sabab nepika ayeuna ogé kaitung loba nu
masih ngagunakeun ajian téh dibandingkeun jeung daérah-daérah séjén mah.
Masarakatna masih palercaya deuih kana kaampuhan ajian.
2.
Werejit
Paneluh Galunggung
Ratu teluh ti Galunggung (u – u)
Sang Ratu cedacawal (a – a)
Ratu teluh ti Gunung Agung (u – u)
Sang Ratu murba Sakama (a – a)
Sang Ratu Talaga Bodas (a – a)
Nu kumawasa pusering talaga (a – a)
Sang Ratu Cedacawal (a – a)
Nya aing Sang Ratu Cedacawal (a – a)
Pur geni pur braja (u – a)
Seuseup getihna (eu– a)
Cokcrok ototna (o – o)
Sebit atina (i – i)
Bedol tikorona (o– o)
Sayab nyawana (a – a)
Tuh Singsieunan si …………
Ratu teluh ti Galunggung (u – u)
Sang Ratu cedacawal (a – a)
Ratu teluh ti Gunung Agung (u – u)
Sang Ratu murba Sakama (a – a)
Sang Ratu Talaga Bodas (a – a)
Nu kumawasa pusering talaga (a – a)
Sang Ratu Cedacawal (a – a)
Nya aing Sang Ratu Cedacawal (a – a)
Pur geni pur braja (u – a)
Seuseup getihna (eu– a)
Cokcrok ototna (o – o)
Sebit atina (i – i)
Bedol tikorona (o– o)
Sayab nyawana (a – a)
Tuh Singsieunan si …………
Werejit
kawilang jarang digunakeun. kiwari mah jalma nu percaya kana werejit ogé saeutik
pisan. Éh boro-boro percaya, kapan barudak ayeuna mah boa nyahoeun boa henteu
kana werejitna ogé. Naha maké bisa kitu? Sabab kurangna pangaweruh ngeunaan
budaya jeung deuih ayeuna mah teu lumrah ngagunakeun werejit téh iwal di
lembur-lembur anu nyingkur atawa di pakidulan nu masih kentel kana kapercayaan
buhun. Ilangna werejit disabakeun ogé ku sarat-sarat nu hésé jeung beurat
pikeun naékkan élmu éta. Aya ogé nu diturunkeun ka anakna tapi teu kabéh
narima, lolobana mah nolak da loba balukar jeung pantaranganana.
Kiwari
masarakat Sunda geus ngagem agama Islam. Sedengkeun di agama Islam mah nu
ngaranna ilmu hitam téh haram
hukumna. Ku kituna, sacara alon-alon werejit mimiti ditinggalkeun ku masarakat.
Lian ti éta, ritual ngagunakeun werejit kawilang hésé ku sabab alat-alat nu
diperelukeunana hésé ditéanganna.
Di
wewengkon Cianjur beulah kidul, werejit atawa teluh téa tétéla masih aya kénéh
jeung kaitung loba kénéh tapi di pakidulana pisan. Pecaya teu percaya taun 2009
pernah aya kajadian saperti kitu. Hal éta jadi bukti eksisténsi teluh di
pakidulan masih diaku henteu diapilainkeun. Di daérah pakidulan masih kentel
kénéh kana kapercayaan animisme jeung dinamisme sanajan ari agamana mah Islam
ngan can bisa ninggalkeun budaya-budaya buhun. Lian ti éta, pangaruh gaya
modern can loba mangaruhan da di ditu mah jauh ka kota jeung teknologi can
asup. Jadi pola pikir na ogé masih kolot lantaran loba nu teu sakola. Paling
sakola ogé nepi ka SMP. Aya éta gé nu neruskeun ka tingkat menengah atas tapi
ngan ukur hiji dua.
3.
Gendam
Gendam. Kiwari
geus teu dipikawanoh. Leuwih kahot kénéh asihan jeung pélét daripada gendam.
Lamun ditilik tina hartina, gendam téh ampir sarua jeung Tarawangsa. Ku sabab
nu nongton bisa ka-hipnotis ku tatabeuhana jeung halimpuna sora. Ditilik tina
fungsina mah gendam sarua jeung hipnotis,
supaya batur asup kana alam bawah sadar. Lian ti éta. Gendam ogé dipké salaku
média hiburan jaman baheula da kiwari mah geus loba tempat-tempat hiburan anu
leuwih praktis jeung ramé.
DAPTA
PUSTAKA
Sudaryat,
Yayat, spk. 2007. Makaya Basa.
Bandung: SONAGAR press.
Sumarsono,
Tatang. 1983. Pedaran Sastra Sunda.
Bandung: Medal Agung.
Gunawan,
Dadang. 1996. Analisis Puisi Mantra di
Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén Cianjur. JPBD: tidak diterbitkan.
Danadibrata,
R.A. 2008. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar