Deudeuh Si Aki
Késang lukut-lékét, nyurucudan
maseuhan tonggongna, bajuna baseuh guyang ci késang. Sakapeung si Aki diuk bari
rénghapna semu ngahégak, sakapeung nangtung deui bari ngulangkeun paculna,
gedok-gedok keusik nu pacampur jeung batu dipaculan. Lamun geus ngarasa capé si
aki ngaso deui, diuk dina luhureun batu bari nyusutan késang nu maseuhan
sakabéh awakna. Dék teu lukut-lékét késang kumaha, sidik panon poé nyirorot
panas pisan bari taya tangkal.
Sawahna sisi Cipandak, teu loba ukur sacangkéwok.
Karepna mah hayang nambahan deui, nyieun deui kotakan tapi si Aki sadar manéhna
geus kolot, teu sanggup kudu ngakutan batuna. Awakna geus kari tulang, geus teu
kuat ungkat-angkat batu. Kuduna gé si Aki cicing di imah. Diuk dina korsi
males, nyuruput cikopi dibaturan ku kulub sampeu atawa kulub hui. Tapi beuki
kakolotan téh asa beuki ripuh, talung baheula keur ngora, hirup jamuga, serba
cukup, teu kudu nampolan batu hayang nyieun kotakan gé, kari muruhkeun atawa
ngagadé sawah batur.
Teu karasa murubut cipanona maruragan
mun inget kana kaayaan dirina kiwari. Baheula mah cadu murag cipanon téh, iraha
teuing manggih kasusah jeung kasedih jiga ayeuna. Tuda anak-anakna teu
barisaeun mulang tarima, geus dijujurkeun ku kolot téh kalahka paroho teuing mopohokeun
kétah kana jasa kolot. Padahal lamun lain cukanglantaran kolot mah boa moal
jaramuga jiga ayeuna anak-anakna téh. Deudeuh teuing si Aki, sok ngarasula
sakapeung mah kana nasib dirina.
Lamunan di Aki kageureuwahkeun ku
beuteungna, pohoeun tadi isuk téh teu dahar heula da buru-buru sieun
kapiheulaan ku panonpoé. Hadéna si Nini mekelan timbel. Si Aki jumarigjeug leumpang muru ka Saung.
Gék diuk semu ngabeubeutkeun awakna, kusiwel muka timbel tina kantong butut
urut anak nu panggedéna. Barang bréh dibuka, aya timbel, aya uyah dibungkus ku
daun jeung aya peda sasiki rada tutung. Sangu dikeupeul-keuepeul cocolkeun kana
uyah, bari nyiwit pedana saeutik, am didahar. Ngagayemna anca pisan, da puguh
huntuna kari sababaraha siki, sanajan lain ngadahar anu teuas tapi angger wé
kakalémohan, keur mah sababaraha hiji tamba geus laloncér deuih. Emmmhh deudeuh
teuing si Aki.
Ahir bulan, 2016
Tidak ada komentar:
Posting Komentar