Silalatu
Ku Nining Novianti
Ngaleut
ngeungkeuy muslimin muslimat
Rampak
léngkah tingguurudug
Patembalan
jeung bedug kabuyutan
dag dig dug
Ngagedagkeun
ati nu bangkenu
Ngajak mangsa
nu lalar liwat
Rangkeung
tingkaretit obor
Ngagedurkeun
sumanget nyambat illahi
Lailahaillaloh
nanceb dina implengan
Seuneu hurung
nguntab-nguntab
Silalatu
lalumpatan paudag-udag
Ngudag
harepan jeung implengan
Tingkariceup
mapay jalan ka langit
Panas...ngoléab...beuki
angot.
Balé-balé, 10 muharam
Graton Casino & Hotel, Graton, LA | Mapyro
BalasHapusFind 경주 출장샵 your perfect spot 제주도 출장마사지 for exploring Graton 과천 출장안마 Casino 의정부 출장마사지 & Hotel, a casino, 속초 출장마사지 restaurants and nightlife destination in LA.