Kamis, 03 November 2016

Mantra

MANTRA
A.    Wangenan Mantra
Ditilik tina wangunna, mantra téh kaasup kana basa ugeran (puisi). Malah bisa disebutkeun yén ciri lahir dina mantra téh nyaéta lobana purwakanti anu dinggap ngandung kakuaatan gaib. Basa anu digunakeunana kawilang ahéng, sipatna esoterik nyaéta hésé katangkep maksudna, malah mungkin waé teu boga harti sama sekali. Mantra téh mangrupakeun salasahiji tradisi masarakat Sunda nu diwariskeun turum tumurun. Taya kacindekkan anu pasti iraha jeung saha nu ngagelarkeunana.
Mantra digunakeun dina kagiatan magis pikeun ngahontal tujuan ku cara-cara nu luar biasa. Ku kituna, mantra téh dianggap sakral jeng karamat, ngagunakeuna ogé teu sagawayah. Umumna dina kahirupan masareakat kuno nu dianggap boga wewenang ngagunakeun mantra téh nyaéta dukun, kokolot atawa malim.
Ditilik tina tujuanna anu baris dihontal, mantra téh bisa dibagi dua golongan. Kahiji, mantra pikeun kasalametan atawa kamaslahatan. Upamana wae pikeun ngubaran nu gering atawa ngajaga kebon tina gangguan hama. Kadua, mantra pikeun ngabinasakeun anu lian, upamana waé teluh.
Ditilik tina eusi anu dikandungna, gelarna mantra dina kahirupan urang sunda dina mangsa animisme atawa dinamisme. Najan kitu teu mustahil dina mangsa kadieunakeun mantara angger gumelar. Hal ieu bisa dibuktikeun lamun urang niténan mantra-mantra anu ngagunakeun kecap-kecap tina bahasa arab.
Leupas tina kakuatan gaib anu dikandungna, kiwari mantra téh dinggap karya sastra nu boga ajén mandiri. Mantra dianggap boga ajén éstétis.
Mantra digunakerun pikeun:
1.      nu maot sampurna
2.      bedas, tohaga jeung awet ngora
3.      rahayu lembur, rajakaya (pepelakan jeung ingon-ingon)
4.      lian ti eta aya oge paranti mergasa nu lian, sangkan paeh atawa gering. Utawa parabot neluh téh aya diantarana puputrian tina lamak, endog kacingcalang, rarwen, merang awi, harupat, hinis awi tali, jarum. Mantra paneluhan téh dipapatkeunana di jarian wanci sareupna. Jalma nu rék dipiteluh  disambat ngaranna, lemburna, jst.
5.      ngariksa kebon, pepelakan, pare, atut diri sangkan hanteu diganggu ku sasaton, sato leuweung, hujan angin, subaya ti nu lian, guludug, hama tur angin
6.      nyinglar jurig, kultianak, lelembut  anu sok jail tur ngaganggu
7.      nyieun babakan, nyicingan empat
8.      naklukeun siluman sileman
9.      nulak gawe nu jail
10.  ngaruat
11.  Caah, hujan
12.  pamunah impian goreng
13.  ngajampe nu gering wales tur nyageurkeun panyakit
14.  ngajampé nu kacilakaan
B.     Papasingan Mantra
1.      Ajian
Ajian nya éta mantra anu dipakéna pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Upamana waé sangkan gedé sima, awét ngora, jsb. Kitu deui pikeun karahayuan ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, jeung ingon-ingon. Lolobana ajian téh dipaké geusan meunangkeun karahayuan jiwa raga jeung pakaya. Tapi aya ogé nu sok dipaké nandasa nu lian nya éta ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh (Rusyana 1970:12). Conto Ajian:
Ajian pikeun Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
bitis ngabatu wilis
nyurup ka badanna
nyurup ka sungsumna
getih sabadan
bulu sabadan
bedas ngala ka aki
bismillah (Soemarsono, 1983:38)

2.      Gendam
Gendam asalna tina basa Sansekerta, nya éta tarékah malar daék nyampeurkeun; lamun urang lalajo mamarung ketuk tilu teu niat milu ngigel, tapi lantaran haleuangna jeung sisindiranna ronggéng ditambah ku halimpuna kendang jeung gendang keuna ka urang, nepi ka urang nu teu niat-niat ngigel ayeuna jadi milu ngigel.

3.      Werejit
Werejit nyaéta teluh nu gunana pikeun nyilakakeun atawa nandasa lawan. Werejit mangrupa teluh anu kawilang extrim jeung dipikasieun ku jalma,henteu ngan saukur nandangan siksaan hungkul, tapi werejit mah saacan jalmana maot moal eureun siksaana. Cara pikeun ngagunakeun werejit mimitina kudu nyadiakeun kekembangan nu bauna pahang, tuluy kekembangan éta diasupkeun kana wadah nu geus dieusian ku sasatoan saperti oray héjo, bayongbong, langir, jrrd. Saterusna kudu nyieun bonéka nu dijieun tina baju jalma nu rék diteluh. Lamun misalna pakéan jalma nu rék diteluhna euweuh bisa ogé ku cara maké ngaran, wedal jeung alat jelma nu dituju. Bari macakeun mantra bobonékaan anu tadi diasupkeunkana wadah nu aya sasatoan téa. Lamun aya sora ngajerit, sora jalma nu keur nahan kanyeri berarti werejitna geus nepika jalma nu ditujuna, lamun henteu berarti jalma nu ditujuna teu teurak ku werejit sabab boga élmu atawa dibantuan ku nu boga élmu. Lamun kajadianna saperti kitu, sasatoan nu aya dina wadah bakal paraéh. Korban nu teu teurak ku werejit bisa ngabales deui ku cara mulangkeun deui werejit ka nu ngirim. Conto teluh:
Paneluh Galunggung
Ratu teluh ti Galunggung
Sang Ratu cedacawal
Ratu teluh ti Gunung Agung
Sang Ratu murba Sakama
Sang Ratu Talaga Bodas
Nu kumawasa pusering talaga
Sang Ratu Cedacawal
Nya aing Sang Ratu Cedacawal
Pur geni pur braja
Seuseup getihna
Cokcrok ototna
Sebit atina
Bedol tikorona
Sayab nyawana
Tuh Singsieunan si …………
C.    Analisis
1.      Ajian
Upama ditilik tina wangunna, ajian téh saperti kieu:
Ajian pikeun Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar   (a – a)
bitis ngabatu wilis                               (i – i)
nyurup ka badanna                 (u – a)
nyurup ka sungsumna             (u – u)
getih sabadan                          (i – a)
bulu sabadan                           (u – a)
bedas ngala ka aki                  (a – i)
bismillah (Soemarsono, 1983:38)
 wangun kecapna murwakanti  jeung kauger, miboga ajén éstétis deuih. Sedengkeun upama analisis nguenaan sikep masarakat kana ajian, saperti di handap ieu:
Ajian di wewengkon Cikoneng  Ciamis mah masih aya kénéh. Ajian nu digunakeunna nyaéta ajian awét ngora hususna ajian tetep jagjag. Anu masih ngagem ajian éta nyaéta jalma nu geus aki-aki nu lahir taun 40-an. Baheula mah loba nu ngagunakeun ajian téh ti mimiti ajian kabedasan nepika ajian awét ngora da di daérah éta téh lolobana katurunan Kerajaan Panjalu. Kaasup akina Trésna masih ngagunakeun tapi ayeuna mah geus tilar dunya.
Ajian di wewengkon Naringgul Kabupatén Cianjur masih aya kénéh tapi jarang nu ngagunakeunana mah paling ngan saukur mikanyaho. Hal éta disababkeun ku asupna budaya modern  jeung ayeuna mah loba rumaja-rumaja di Naringgul nu sarakola. jadi minat  pikeun diajar ajian téh ngurangan sabab geus sibuk ku sakola. Baheula mah diajar élmu-élmu kitu téh kusabab euweuh kagiatan. Tah pikeun ngeusi waktu kosongna nya ku diajar ajian téa atawa élmu-élmu nu lianna. lian ti éta kiwari mah pola pikir masarakatna gé geus modern.
Lian  ti di  Ciamis  jeung di Cianjur, aya deui di Sumedamg anu cenah jadi puseur budaya. Mémang bener sabab nepika ayeuna ogé kaitung loba nu masih ngagunakeun ajian téh dibandingkeun jeung daérah-daérah séjén mah. Masarakatna masih palercaya deuih kana kaampuhan ajian.
2.      Werejit
Paneluh Galunggung
Ratu teluh ti Galunggung                          (u – u)
Sang Ratu cedacawal                                (a – a)
Ratu teluh ti Gunung Agung                     (u – u)
Sang Ratu murba Sakama                        (a – a)
Sang Ratu Talaga Bodas                          (a – a)
Nu kumawasa pusering talaga                  (a – a)
Sang Ratu Cedacawal                               (a – a)
Nya aing Sang Ratu Cedacawal               (a – a)
Pur geni pur braja                        (u – a)
Seuseup getihna                                        (eu– a)
Cokcrok ototna                                          (o – o)
Sebit atina                                                 (i – i)

Bedol tikorona                                           (o– o)
Sayab nyawana                                         (a – a)
Tuh Singsieunan si …………

Werejit kawilang jarang digunakeun. kiwari mah jalma nu percaya kana werejit ogé saeutik pisan. Éh boro-boro percaya, kapan barudak ayeuna mah boa nyahoeun boa henteu kana werejitna ogé. Naha maké bisa kitu? Sabab kurangna pangaweruh ngeunaan budaya jeung deuih ayeuna mah teu lumrah ngagunakeun werejit téh iwal di lembur-lembur anu nyingkur atawa di pakidulan nu masih kentel kana kapercayaan buhun. Ilangna werejit disabakeun ogé ku sarat-sarat nu hésé jeung beurat pikeun naékkan élmu éta. Aya ogé nu diturunkeun ka anakna tapi teu kabéh narima, lolobana mah nolak da loba balukar jeung pantaranganana.
Kiwari masarakat Sunda geus ngagem agama Islam. Sedengkeun di agama Islam mah nu ngaranna ilmu hitam téh haram hukumna. Ku kituna, sacara alon-alon werejit mimiti ditinggalkeun ku masarakat. Lian ti éta, ritual ngagunakeun werejit kawilang hésé ku sabab alat-alat nu diperelukeunana hésé ditéanganna.
Di wewengkon Cianjur beulah kidul, werejit atawa teluh téa tétéla masih aya kénéh jeung kaitung loba kénéh tapi di pakidulana pisan. Pecaya teu percaya taun 2009 pernah aya kajadian saperti kitu. Hal éta jadi bukti eksisténsi teluh di pakidulan masih diaku henteu diapilainkeun. Di daérah pakidulan masih kentel kénéh kana kapercayaan animisme jeung dinamisme sanajan ari agamana mah Islam ngan can bisa ninggalkeun budaya-budaya buhun. Lian ti éta, pangaruh gaya modern can loba mangaruhan da di ditu mah jauh ka kota jeung teknologi can asup. Jadi pola pikir na ogé masih kolot lantaran loba nu teu sakola. Paling sakola ogé nepi ka SMP. Aya éta gé nu neruskeun ka tingkat menengah atas tapi ngan ukur hiji dua.
3.       Gendam
Gendam. Kiwari geus teu dipikawanoh. Leuwih kahot kénéh asihan jeung pélét daripada gendam. Lamun ditilik tina hartina, gendam téh ampir sarua jeung Tarawangsa. Ku sabab nu nongton bisa ka-hipnotis ku tatabeuhana jeung halimpuna sora. Ditilik tina fungsina mah gendam sarua jeung hipnotis, supaya batur asup kana alam bawah sadar. Lian ti éta. Gendam ogé dipké salaku média hiburan jaman baheula da kiwari mah geus loba tempat-tempat hiburan anu leuwih praktis jeung ramé.

DAPTA PUSTAKA
Sudaryat, Yayat, spk. 2007. Makaya Basa. Bandung: SONAGAR press.
Sumarsono, Tatang. 1983. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.
Gunawan, Dadang. 1996. Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén Cianjur. JPBD: tidak diterbitkan.

Danadibrata, R.A. 2008. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Rabu, 02 November 2016

kakawihan

kiwari kakawiha mimmiti leungit. barudak jarang ngalagukeun kakawihan bari ulin di buruan. di handap ieu aya kakawihan nu sok dikawihkeun ku barudak bari ulin.
1. cing cangkeling
cing cangkeling 
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong 
Bapa Satar buleneng

2. cing ciripit
cing ciripit 
tulang bajing dar...
cingciripit 
tulang bajing kacapit

3. prang-pring
prang-pring prang-pring
sabulu-bulu gading
ngagadingkeun sangu pelem
perele ample
si dugul mintel, mintel

4. bang-bang

bang-bang kalima-lima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahay tukang bajigur gur
guru sakola ngaput put
putri nu gareulis lis
lisung kadua halu lu
luhur kapal udara ra
ragrag di Jakarta ta
taun dua rebu bu
buah meunang ngala la
lauk meunang nyobek bek
bbeklen menang muter ter
terus ka cikampek pek
................................
..................................

5. Ucang-ucang angge

cang ucang angge
mulung muncang ka papangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu pa Lebe
anakna dua galede
ari gog gog cungungung




Selasa, 01 November 2016

kecap sangaran saharti, kecap sangaran beda harti, kecap meh sarua, kecap teu sarua

No Kecap sangaran, saharti Kecap sangaran   beda harti Kecap nu meh sarua Kecap nu teu sarua
1 Baju amis calana; celana katumbiri; pelangi
2 Bangku bola hordeng; gorden ceuli; telinga
3 boneka bumi jangot; jenggot huntu; gigi
4 buka hulu jeket; jaket laja; lengkuas
5 Buku iris korsi; kursi patlot; pensil
6 dasi kodok lomari; lemari pecay; sawi putih
7 ember lada panto; panto pulpen; balpoin
8 jalan lubang peuteuy; petai sereh; serai
9 jengkol muka sendal; sandal Sirah; kepala
10 kaca pare sakola; sekolah sosin; sawi hijau
11 kaos kaki pasir ager; agar-agar lepis; jeans
12 kasur punah ka mana; ke mana nyaho; tahu 
13 Kulit salam kenteng; genting lalangit; atap
14 kumis samping sapedah; sepeda lauk; ikan
15 langit sayang panganten; pengantin wahangan; sungai
16 Meja suku kabaya; kebaya peso; pisau
17 piring tarik konci; kunci bonteng; timun
18 sarung saat gapuh; garfu panonpoe; matahari
19 sendok tempo istrika; setrika gigir; samping
20 tanah letak sapatu; sepatu kai; pohon
21 tembok pesat seureuh; sirih jeroan; daleman
22 Témbok   koneng; kuning odol; pasta gigi
23 wortel   sora; suara pepelakan; tanaman
24 seragam   kalapa; kelapa keler; toples
25 guru     kembang; bunga
26 murid      
27 waktu      
28 kabel      
29 kamar      
30 mobil      
31 motor      
32 singa      
33 kompor      
34 lampu      
35 listrik      
36 payung      
37 kumis      

Rabu, 26 Oktober 2016

Sajak

Silalatu
Ku Nining Novianti
Ngaleut ngeungkeuy muslimin muslimat
Rampak léngkah tingguurudug
Patembalan jeung bedug kabuyutan
 dag dig dug
Ngagedagkeun ati nu bangkenu
Ngajak mangsa nu lalar liwat
Rangkeung tingkaretit obor
Ngagedurkeun sumanget nyambat illahi
Lailahaillaloh nanceb dina implengan
Seuneu hurung nguntab-nguntab
Silalatu lalumpatan paudag-udag
Ngudag harepan jeung implengan
Tingkariceup mapay jalan ka langit
Panas...ngoléab...beuki angot.
Balé-balé, 10 muharam




Deudeuh Si Aki

Késang lukut-lékét, nyurucudan maseuhan tonggongna, bajuna baseuh guyang ci késang. Sakapeung si Aki diuk bari rénghapna semu ngahégak, sakapeung nangtung deui bari ngulangkeun paculna, gedok-gedok keusik nu pacampur jeung batu dipaculan. Lamun geus ngarasa capé si aki ngaso deui, diuk dina luhureun batu bari nyusutan késang nu maseuhan sakabéh awakna. Dék teu lukut-lékét késang kumaha, sidik panon poé nyirorot panas pisan bari taya tangkal.
Sawahna sisi Cipandak, teu loba ukur sacangkéwok. Karepna mah hayang nambahan deui, nyieun deui kotakan tapi si Aki sadar manéhna geus kolot, teu sanggup kudu ngakutan batuna. Awakna geus kari tulang, geus teu kuat ungkat-angkat batu. Kuduna gé si Aki cicing di imah. Diuk dina korsi males, nyuruput cikopi dibaturan ku kulub sampeu atawa kulub hui. Tapi beuki kakolotan téh asa beuki ripuh, talung baheula keur ngora, hirup jamuga, serba cukup, teu kudu nampolan batu hayang nyieun kotakan gé, kari muruhkeun atawa ngagadé sawah batur.
Teu karasa murubut cipanona maruragan mun inget kana kaayaan dirina kiwari. Baheula mah cadu murag cipanon téh, iraha teuing manggih kasusah jeung kasedih jiga ayeuna. Tuda anak-anakna teu barisaeun mulang tarima, geus dijujurkeun ku kolot téh kalahka paroho teuing mopohokeun kétah kana jasa kolot. Padahal lamun lain cukanglantaran kolot mah boa moal jaramuga jiga ayeuna anak-anakna téh. Deudeuh teuing si Aki, sok ngarasula sakapeung mah kana nasib dirina.
Lamunan di Aki kageureuwahkeun ku beuteungna, pohoeun tadi isuk téh teu dahar heula da buru-buru sieun kapiheulaan ku panonpoé. Hadéna si Nini mekelan timbel.  Si Aki jumarigjeug leumpang muru ka Saung. Gék diuk semu ngabeubeutkeun awakna, kusiwel muka timbel tina kantong butut urut anak nu panggedéna. Barang bréh dibuka, aya timbel, aya uyah dibungkus ku daun jeung aya peda sasiki rada tutung. Sangu dikeupeul-keuepeul cocolkeun kana uyah, bari nyiwit pedana saeutik, am didahar. Ngagayemna anca pisan, da puguh huntuna kari sababaraha siki, sanajan lain ngadahar anu teuas tapi angger wé kakalémohan, keur mah sababaraha hiji tamba geus laloncér deuih. Emmmhh deudeuh teuing si Aki.
Ahir bulan, 2016

Selasa, 25 Oktober 2016

BASA KOSTA

KECAP-KECAP ANU ASALNA TINA BASA PORTUGIS


Antéro inteiro
Armada armada
Bandéra bandeira
Bangku banco
Bantal avental
Bolu bolo
Bonéka boneca
Garpuh garfo
Kastrol cassarola
Kerepus capuz
Kolor colote
Lantéra lanterna
Lomari armario
Mandor mandador
Martil martebo
Minggu domingo
Palsu falso
Panitih alfinete
Pélor pelouro
Persaben passe bem
Pigura figura
Ranté corrente
Rénda renda
Risiko risco
Ronda ronda
Sabun sabao
Sakola eskola
Salé geleica
Séka seka
Sésa sisa
Surutu charutu
Talédor traidor
Tanjidor tangedor
Tarigu trigo
Tempo tempo
Tukeur trocar




Dicutat tina buku Peperenian Urang Sunda Karangan Rachmat taufik H., Spk.

fiksimini

Deudeuh Si Aki

Késang lukut-lékét, nyurucudan maseuhan tonggongna, bajuna baseuh guyang ci késang. Sakapeung si Aki diuk bari rénghapna semu ngahégak, sakapeung nangtung deui bari ngulangkeun paculna, gedok-gedok keusik nu pacampur jeung batu dipaculan. Lamun geus ngarasa capé si aki ngaso deui, diuk dina luhureun batu bari nyusutan késang nu maseuhan sakabéh awakna. Dék teu lukut-lékét késang kumaha, sidik panon poé nyirorot panas pisan bari taya tangkal.
Sawahna sisi Cipandak, teu loba ukur sacangkéwok. Karepna mah hayang nambahan deui, nyieun deui kotakan tapi si Aki sadar manéhna geus kolot, teu sanggup kudu ngakutan batuna. Awakna geus kari tulang, geus teu kuat ungkat-angkat batu. Kuduna gé si Aki cicing di imah. Diuk dina korsi males, nyuruput cikopi dibaturan ku kulub sampeu atawa kulub hui. Tapi beuki kakolotan téh asa beuki ripuh, talung baheula keur ngora, hirup jamuga, serba cukup, teu kudu nampolan batu hayang nyieun kotakan gé, kari muruhkeun atawa ngagadé sawah batur.
Teu karasa murubut cipanona maruragan mun inget kana kaayaan dirina kiwari. Baheula mah cadu murag cipanon téh, iraha teuing manggih kasusah jeung kasedih jiga ayeuna. Tuda anak-anakna teu barisaeun mulang tarima, geus dijujurkeun ku kolot téh kalahka paroho teuing mopohokeun kétah kana jasa kolot. Padahal lamun lain cukanglantaran kolot mah boa moal jaramuga jiga ayeuna anak-anakna téh. Deudeuh teuing si Aki, sok ngarasula sakapeung mah kana nasib dirina.
Lamunan di Aki kageureuwahkeun ku beuteungna, pohoeun tadi isuk téh teu dahar heula da buru-buru sieun kapiheulaan ku panonpoé. Hadéna si Nini mekelan timbel.  Si Aki jumarigjeug leumpang muru ka Saung. Gék diuk semu ngabeubeutkeun awakna, kusiwel muka timbel tina kantong butut urut anak nu panggedéna. Barang bréh dibuka, aya timbel, aya uyah dibungkus ku daun jeung aya peda sasiki rada tutung. Sangu dikeupeul-keuepeul cocolkeun kana uyah, bari nyiwit pedana saeutik, am didahar. Ngagayemna anca pisan, da puguh huntuna kari sababaraha siki, sanajan lain ngadahar anu teuas tapi angger wé kakalémohan, keur mah sababaraha hiji tamba geus laloncér deuih. Emmmhh deudeuh teuing si Aki.

Ahir bulan, 2016